Indonésia diwangun ku rébuan sélér bangsa, salasahijina aya bangsa Sunda/urang Sunda. Pancén urang Sunda téh nyaéta ngaraksa jeung ngariksa basa Sunda, ku cara “pok pék prak” nyarita basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Lamun lain ku urang, rék ku saha deui? Lamun teu ayeuna, rék iraha deui?
Hayu nyarita ku basa Sunda, basa anu miboga karakter sarta nyangkaruk ajén luhung titinggal karuhun Sunda. Ulah éra nyarita basa Sunda!
Basa Sunda lana, tangtu urang Sunda ogé bakal jamuga. Sunda nanjung ku basa Indung.
Hurip Sunda!
. . .
#haribahasaibu